makalah kawih by yhdfhdf

VIEWS: 98 PAGES: 8

									DAFTAR EUSI
                      KECAP PANGANTEUR


Kalayan      puji sinareng   syukur ka Pangéran Anu Maha Esa abdi
salaku panulis tiasa ngarengsekeun pancén ngadamel makalah anu
dijudulan “PANGAWERUH KAWIH JEUNG PUPUH” kalayan
lancar.


Dina ngadamel makalah ieu, salaku panulis kenging bantosan      ti
sagala rupa pihak, mangka dina kasempetan ieu nu nulis ngedalkeun
hatur nuhun anu sagedé-gedéna ka sadayana pihak anu parantos
ngabantos kana pancen midamel ieu tugas, sangkan tiasa rengse dina
waktos na.


Ahir kecap muga makalah ieu bisa méré mangpaat pikeun pamaca
umumna sarta nu nulis dina hususna, nu nulis nyadar yén dina
pembuatan makalah ieu laér kénéh ti sampurna ku kituna nu nulis
narima bongbolongan sarta kritik anu boga sipat ngawangun kanggo
kasaean kaarah kasempurnaan.


Ahir kecap nu nulis ngucapkeun hatur lumayan.
                                       BAB I
                                      BUBUKA


A. Kasang Tukang masalah


      Seni nya éta cabang élmu anu miboga multy tafsir atawa rupa-rupa
   pamadegan ti sawatara ahli diwidang kasenian. Hal éta ditunjukeun ku ayana
   wangenan seni dumasar sawatara ahli anu nénjo tina sudut pandangna sewang-
   sewangan. Tapi tina ayana rupa-rupa wangenan seni jeung sudut pandang anu
   béda- béda téh, ngajadikeun seni leuwih éndah. Sabab, ku ayana wangenan seni
   anu béda ieu nyirikeun yén para ahli leuwih ngamahaman kana hakékat seni. Hal
   ieu bakal ngarojong lobana mangpaat tina seni atawa kasenian, nu ahirna seni téh
   lain ngan ukur jadi media panghibur wungkul.
      Kasenian téh kabagi jadi opat cabang anu utama, nyaéta Seni Musik, Seni
   Gerak, Seni Drama, jeung Seni Rupa. Anu bakal dibahas ku kelompok kami
   nyaeta seni musik husus na pangaweruh kawih jeung pupuh.


B. Tujuan Panulisan
   1) Tiasa ngaheuyeuk atanapi ngeuyeuban pamikiran, pangaweruh ka nu maca,
     utamana nu teu wanoh kana seni musik sunda husus na kawih jeung pupuh.
   2) Tiasa mikawanoh jeung weruh kana budaya Sunda baheula.
   3) Mangrupi tarékah pikeun ngamumulé jeung ngahudangkeun rasa kareueus
     kana kabudayaan Sunda utamana seni musik sunda widang kawih jeung pupuh.


C. Rumusan Masalah
     1. Ngembangkeun seni sunda dina pelantara makalah sangkan henteu leungit
         dina kabudayaan sunda
     2. Ngajadikeun seni sunda mata pelajaran pokok di daerah sunda sangkan
         budaya sunda enteu leungit
     3. Ngabiasakeun ngabudayakeun seni sunda
                                         BAB II
                                    PEDARAN


A. Wangenan Kawih jeung Pupuh
  1) Kawih
           Kawih kiwari dipatalikeun pikeun musik vokal anu henteu diwengku ku
  hiji métrum saupama wanda pupuh sarta panjangna henteu tetep. Supandi
  ngadéfinisikeun kawih minangka musik vokal anu boga tempo tetep / ajeg. Kawih
  disabit-sabit dina naskah Sunda buhun Sanghyang Siskakandang Karesian anu
  ditulis dina daun palem dina taun 1518. Genre musik vokal ieu diwincik dina
  naskah     kasebut: kawih   bwatuha,kawih       panjang, kawih   lalanguan, kawih
  panyaraman, kawih             sisindiran, kawih            pengpeledan, bongbong
  kaso, parerane, porod   eurih, kawih    babahanan, kawih    bangbarongan, kawih
  tangtung, kawih sasambatan, kawih igel-igelan. Sebagain gedé wanda kawih nu
  disebut ku naskah kasebut ayeuna geus henteu dipikanyaho. Kawih sisindiran
  meureun lalaguan sisindiran, nyaéta puisi pondok anu didasarkeun kana asosiasi
  sora (verbal) kawas anu kapanggih kiwari. Kawih bangbarongan bisa jadi musik
  anu marengan tari topéng sato bangbarongan. Kawih igel-igelan nyaéta lalaguan
  (musik) pikeun tari.
           Naskah Sanghyang Siskakandang Karesian ogé nyebutkeun "Ieu kawih
  panyaraman pikawiheun ubar keueung, ngaranna Pangwereng Darma. Wanda
  kawih panyaraman ieu geus henteu kapanggih deui kahirupan kiwari.

  Kalolobaan kawih dilagukeun sacara tunggal ku awéwé. Sanajan kitu, lalaki ogé
  bisa ngalagukeunana.

           Kawih Kaulinan nya éta kakawihan barudak atawa kawih murangkalih,
  mangrupa sabangsa kawih anu biasa dikarawihkeun ku barudak bari arulin, boh
  dilakukeun di jero imah, boh di luar upamana di buruan keur kaayaan caang
  bulan, atawa di tempat lianna tempat maranéhna ulin. Rakitan kakawihan barudak
  mangrupa lalaguan balaréa anu sipatna anonim, biasana tara sarua unggal daérah
  sok aya baé bédana saeutik. Kiwari kawih kaulinan geus jarang dikawihkeun ku
barudak, komo budak nu cicingna di kota mah meureun geus tara pisan
dilakukeun, biasana kawih kaulinan téh sok dipaké ku barudak nu cicingna
dipadésaan atawa pakampungan, di daérah pagunungan. Budak nu biasana ngawih
lamun keur ulin téh sok babarengan jeung babaturannana, tara sosoranganan.

         Tutunjukan nya éta kawih anu dikawihkeun bari nunjukeun curuk nu
diriungkeun. Tutunjukan ieu dikawihkeun bari diuk ngariung, biasana maén ieu
tutunjukan téh sok di téras imah bari ngadagoan hujan raat, atawa ngadagoan
kadaharan anu keur dipasak ku indung salah saurang budak nu boga imah
éta.Barudak nu ngalakukeun ieu kawih téh sakapeung mah sok bari maén
teteguhan bari teu weleh suka bungah, malah barudak nu cicingna di palemburan
mah sok milih tibatan nonton TV mending kénéh ngawih bari maén ieu
tutunjukan, béda jeung barudak nu cicingna di kota kaulinanana ogé geus canggih
nya éta maén game dina komputer atawa maén PS (Play Station), béda pisan
katingalina antara budak nu cicingna di kota jeung budak nu cicingna di lembur,
tapi teu saeutik jaman kiwari mah budak nu cicingna di lembur ogé sok aya nu
maén game dina komputer, matak jarang barudak jaman ayeuna nu apal kana
kawih kaulinan.

2) Pupuh
         Pupuh téh nya éta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di
Jawa, katelah ogé macapat nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna.
Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina
ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu
ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun. Pupuh téh kauger ku guru
wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina
unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu
nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-
na sora vokal dina engang panungtung.
    Pupuh aya tujuh welas rupa:
   Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.
   Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
      Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung
       kagumbiraan.
      Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.
      Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
      Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
      Jurudemung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
      Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
      Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
      Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan,
       mapatahan.
      Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.
      Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.
      Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu
       beurat.
      Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul
       kulantaran teu panuju haté.
      Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.
      Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.
      Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
           Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nya éta Kinanti,
   Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (mindeng disingget jadi KSAD), sarta
   sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa,
   Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur,
   Pucung, jeung Wirangrong.
3) Bedana antara Pupuh jeung Kawih
        Pupuh teh nya eta dangding anu lamun dihaleuangkeun henteu kauger ku
   embat atau ketukan. Nanging pupuh kauger ku guru lagu, jeung guru wilangan.
   Guru lagu nya eta panungtung dina unggal padalisan, ari guru wilangan nya eta
   lobana engang dina unggal padalisan. Padalisan teh nyaeta jajaran dina unggal
   pada, ari pada nyaeta “bait”. Contona pupuh maskumamdang anu tadi
   dihaleuangkeun, dina sapadana aya opat padalisan, unggal padalisan diuger ku
   patokan lobana engang atawa suku kata, jeung dina tungtung sora kauger ku guru
   lagu. Jadi bakal kieu :
   - Padalisan kahiji : guru wilanganana 7 engang, guru laguna i.
   - Padalisan kadua : guru wilanganana 5 engang, guru laguna a
   - Padalisan katilu : guru wilanganana 8 engang, guru laguna i
   - Padalisan kaopat : guru wilanganana 8 engang, guru laguna a.
       Ari kawih nyaeta, lian ti kauger ku patokan gur wilangan jeung guru lagu,
   pupuh ngabogaan watek lagu.


B. Pangaweruh kawih jeung Pupuh


      Dangding mangrupakeun salah sahiji kabinangkitan Sunda nu asalna ti
      Mataram. Abus ka Sunda heula pandeuri seni wayang jeung seni batik.
      Dangding teh susunan basa anu dianggit make patokan tembang. Ari
      ngadangding nya eta ngarang tembang. Dangding kawengku ku basa ugeran,
      nyaeta kawengku ku patokan-patokan pupuh. Sedengkeun guguritan mah
      nyaeta jejer atawa poko nu rek dijieun dangding.

   Dina ngadangding pupuh aya nu disebut :

   1. Guru Lagu, nyaeta sora panungtung dina unggal padalisan;
   2. Guru Wilangan, nyaeta lobana Engang dina unggal padalisan.



   Pupuh

   Ari pupuh teh kabehannana aya 17 ( tujuhbelas ) rupa nu kabagi kana dua garis
   badag, nyaeta:

   1. PUPUH AGEUNG atawa biasa disebut K.S.A.D., nyaeta:
        Kinanti, wandana: ngadago, prihatin, harepan;
        b. Sinom, wandana: senang, gumbira:
        Asmarandana, wandana: birahi, silih asih;
        Dangdanggula, wandana: kabungah, kaagungan,                kaendahan,
          kalangenan.

       Pupuh nu ieu mah sok dianggo dina waktos midangkeun Seni tembang
       sunda atawa mamaos cianjuran.
2. PUPUH ALIT. Pupuh ieu aya 13 ( tilu belas ) rupa, nyaeta:
     Pupuh Balakbak, wandana: piseurieun, bobodoran;
     Pupuh Durma, wandana: ngambek, Perang;
     Pupuh Gambuh, wandana: samar polah;
     Pupuh Gurisa, wandana: pangangguran;
     Pupuh Ladrang, wandana: heureuy, gogonjakan;
     Pupuh Lambang, wandana: banyol, gogonjakan;
     Pupuh Maskumambang, wandana: prihatin, nalangsa, ceurik;
     Pupuh Mijil, wandana: susah, sedih, cilaka;
     Pupuh Magatruk, wandana: hanjakal, kanyaho;
     Pupuh Juru Demung, wandana: kaduhung;
     Pupuh Pangkur, wandana: lalmpahan, nafsu;
     Pupuh Pucung, wandana: piwuruk, apes;
     Pupuh Wirangrong, wandana: wiwirang, era, rugi.

								
To top